Rabu, 01 Agustus 2007

Dikuriling ku tilu Mojang


Salah sahiji kabagjaan, yen abdi teh gaduh dua buah hate istri sadayana, Amelia (nu Cikal, 11 taun) sareng Jasmine (nu bungsu, 7 taun). Janten abdi teh sok tetep ngaraos pangkasepna da dikuriling ku tilu mojang (pun bojo sareng dua buah hate abdi)... salian ti eta, sok ngaraos tereh kolot maklum ngaduhan dua putri anu saolah-olah baris cepet ngagaduhan mantu..he3x...

Label:

Ti Kuningan ka Shanghai


As the consequences of my job in multinational company, so that i had a chance to go abroad to have a conference/ meeting, training, and any other business purpose alias ngalalana ka mancanagara.Salah sahijina, abdi gaduh pangalaman ngalalana ka Shanghai, China anu ceuk urang deungen mindeng disebut " the western city in east Asia"...ck..ck memang Shanghai kota gede, dibandingkeun kota Kuningan...hhmm..teu tiasa dibandingkeun. Mung enakan di Kuningan lah. Aya pangalaman anu pikalucueun, kiyeu geura. Hiji waktos abdi hoyong tuang di luar hotel, alias di restoran, nya abdi teh kukurilingan milarian restoran anu cocok sareng nyayogikeun tuangen anu halal (iyeu nu penting mah kanggo urang anu muslim kudu dijagi)... rada lami milarian, antukna kenging hiji tempat anu lumayan merenah. Hiji hal anu janten masalah di shanghai teh nyaeta, rada sesah mendakan jalmi anu tiasa nyarios nganggo bahasa inggris.... da abdi mah rumaos teu tiasa nyarios bahasa china. Kacaturkeun sanggues rengse abdi tuang, teras naros ka pelayan. Could I have the bill? -- tiasa abdi nuhunkeun bon na?...maklum urang china tea sok rada cadel sanajan nu iyeu mah rada ngartos nyarios inggris...tuluy nyarios, oke..oke! sir.. bari ngaleos...teu lila manehna datang deui bari mawa sagelas bir....Sir, this is your Beer !!!??? he3x.. sigana dikirana abdi teh nuhunkeun bir....

Label:

A Brief Story of My Live


My name is Mang Asep Susilo. Ceunah, katanya I was born in one of beautiful village in Kuningan, west Java, 36 years ago..... ti lelembut abdi teh hirup di kampung dugi ka lulus SMA (SMAN 1 Kuningan). Ngawitan tahun 1990, saentosna lulus SMA, abdi ngumbara di Bogor, neraskeun nungtut elmu pangaweruh di IPeBe (IPB = Institut Pertanian Bogor) dugi ka rengsena dina tahun 1995. Ayeuna kaleresan janten kumat (kuli matuh)di perusahaan swasta di Jakarta. Kirang langkung 13 tahun incikibung dina bidang Human Resources. Ku ngagaduhan blog iyeu, abdi teh hoyong ningkatkeun jeung ngamumule budaya sunda (although my bahasa sunda is not quite good)....da cing saha deui anu baris ngamumule budaya urang lian ti urang sorangan. Teu hilap abdi oge hoyong tiasa ngabagi pangalaman tur elmu anu mangpaat pikeun urang sarerea